Hal-hal anu diperhatikeun dina biantara nyaéta:
- Vokal/sora kudu bentes/jelas,
- Lentong jeung wirahmana merenah
- Kudu nyunda,
- Henteu teugeug atawa dialeu-aleu teuing, teu gancang teuing jeung henteu acad teuing,
- Kudu miboga pangaweruh anu jembar pangpangna nu patali jeung materi acara anu di MC-anna katut nu rek ngeusian eta acara boh jalma boh kasenian atawa lianna,
- Kudu pinter ngareka basa anu orisinil, surti kana kahayang pamiarsa, kudu miboga sikep anu hade (tatakrama, paroman gerik-gerik lianna),
- Mibanda rasa humor (sense of humor) nu luhur utamana dina acara-acara mu sipatna hiburan pikeun ngahirupkeun suasana.