Saturday, November 2, 2013

PUPUH SUNDA

Pupuh ( Sunda: Pepeuh ) adalah bentuk puisi tradisional bahasa Sunda yang memiliki jumlah suku kata dan rima tertentu di setiap barisnya. Terdapat 17 jenis pupuh, masing-masing memiliki sifat tersendiri dan digunakan untuk tema cerita yang berbeda.
1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
     Asmarandana, bertemakan cinta kasih, birahi
2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
Balakbak, bertemakan lawak, banyolan
3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
Dangdanggula, bertemakan ketentraman, keagungan, kegembiraan
4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget.
Durma, bertemakan kemarahan, kesombongan, semangat
5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
Gambuh, bertemakan kesedihan, kesusahan, kesakitan
6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
Gurisa, bertemakan khayalan
7. Juru Demung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
Jurudemung, bertemakan kebingungan
8. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
Ladrang, bertemakan sindiran
9. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
Lambang, bertemakan lawak dengan aspek renungan
10. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
Magatru, bertemakan penyesalan
11. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari genes hate.
Maskumambang, bertemakan kesedihan yang mendalam
12. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
Mijil, bertemakan kesedihan yang menimbulkan harapan
13. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
Pangkur, bertemakan perasaan sebelum mengemban sebuah tugas berat
14. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
Pucung, bertemakan rasa marah pada diri sendiri
15. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.
Wirangrong, bertemakan rasa malu akan tingkah laku sendiri
16. Kinanti, ngagambarkeun: miharep atawa prihatin.
Kinanti, bertemakan penantian
17. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
Sinom, bertemakan kegembiraan

Contoh – contoh Pupuh

1. Asmarandana

Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
1 Pada := 7 padalisan.
Eling eling mangka eling (8 – i) ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-
mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i
)
rumingkang di bumi alam( 8 – a )
darma wawayangan bae ( 8 – e )
raga taya pangawasa ( 8 – a )
lamun kasasar lampah ( 7 – a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )
badan anu katempuhan ( 8 – a )

2. Balakbak

Watek: pikaseurieun.
1 pada := 3 padalisan.
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

3. Dangdanggula

Watek  : ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan               1 pada = 10 padalisan
Mega beureum surupna geus burit ( 10 – i )
Ngalanglayung panas pipikiran ( 10 – a )
Cikur jangkung jahe koneng ( 8 – e )
Naha teu palay tepung ( 8 -  u)
Sim abdi mah ngabeunying leutik ( 9 – i )
Ari ras cimataan ( 7 – a )
Gedong tengah laut ( 6 – u)
Ulah kapalang nya bela ( 8 – a )
Paripaos gunting pameulahan gambir ( 12 – 1 )
Kacipta salamina ( 7 – a )

4. Durma

Watek  : rasa ambek, gede hate, atawa sumanget
1 pada = 7  padalisan
Moal ngejat sanajan ukur satapak ( 12 – a )
Geus dipasti ku jangji ( 7 – 1 )
Mun tacan laksana ( 6 – a )
Numpes musuh sarakah ( 7 – a )
Heunteu niat seja balik ( 8 – i )
Najan palastra ( 5 – a )
Mati di medan jurit ( 7 – i )

5. Gambuh

Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku.
1 Pada := 5 padalisan.
Ngahuleng banget bingung ( 7 – u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 – u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 – i )
panon poe geus rek surup ( 8 – u )
keueung sieun aya meong ( 8 – o )
Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong

6. Gurisa

Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
1 Pada := 8 Padalisan.
Hayang teuing geura beurang ( 8 – a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a )
nagih anu boga hutang (8 – a )
mun meunang rek meuli soang ( 8 – a )
tapi najan henteu meunang ( 8 – a )
teu rek buru buru mulang ( 8 – a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 – a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a)

7. Juru Demung

Watek  : bingung, susah ku pilakueun                                                                                         1 pada =   padalisan
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

8. Kinanti

Watekna: miharep atawa prihatin.
1 Pada := 6 Padalisan
Budak leutik bisa ngapung ( 8 – u )
Babaku ngapungna peuting ( 8 – i )
Nguriling kakalayangan ( 8 – a )
Neangan nu amis-amis ( 8 – i )
Sarupaning bungbuahan ( 8 – a )
Naon bae nu kapanggih ( 8 – i )

9. Ladrang

Watek  : resep banyol bari nyindiran                                                                                           1 pada = 4 padalisan
Aya hiji rupa sato leutik ( 10 – i )
Engkang-engkang, ( 4 – a )
Sok luluncatan di cai ( 8 – i )
Ari bangun arek sarupa jeung lancah ( 12 – a )
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.

10. Lambang

Watek: banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 – a )
atuh teu payu dijual ( 8 – a )
rek didahar da teu halal ( 8 – a )

11. Magatru

Watek  : sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.                                                    1 pada =  4 padalisan
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung ( 12 – u )
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung ( 16 – u )
Rajamandala, Cimahi ( 8 – 1 )
Leles, Limbangan, Tarogong ( 8 – o )

12. Maskumambang

Watek  : kanalangsaan, sedih bari genes hate.                                                                             1 pada = 4 padalisan
Duh manusa mana kaniaya teuing ( 12 – i )
teu aya rasrasan ( 6 – a )
abong ka mahluk nu laip ( 8 – 1 )
nyiksa henteu jeung aturan (8 – a )
Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana
Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisaan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula
Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean
Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi
moal bisa panjang
abdi ningal bumi langit
rek mulang ka kalanggengan, jst

13. Mijil

Watek  : kasedih tapi bari gede harepan                                                                                      1 pada =   6 padalisan
Mesat ngapung putra Sang Arimbi ( 10 – i )
Jeung mega geus awor ( 6 – o )
Beuki lila beuki luhur bae ( 10 – e )
Larak-lirik ninggali ka bumi ( 10 – i )
Milari sang rai ( 6 – i )
Pangeran Bimanyu ( 6 – u )

14. Pangkur

Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan.
Seja nyaba ngalalana ( 8 – a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u )
balik paman sadaya ( 7 – a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a )
“Aing ngaran Jayapati”( 8 – i )

15. Pucung

Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 – u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a )
tanda yen bagjana gede ( 8 – e )
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a )
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas
luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna

16. Sinom

Watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.
Di wetan fajar balebat ( 8 – a )
panon poe arek bijil ( 8 – i )
sinarna ruhay burahay ( 8 – a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )
campur wungu saeutik ( 7 – i )
kaselapan semu biru ( 8 – u )
tanda Batara Surya ( 7 – a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )

17. Wirangrong

Watek  : kawiwirangan, era ku polah sorangan                                                                      Unggal pada diwangun ku genep padalisan
Kuring moal deui-deui, ( 8 – i )
gaduh panata nu awon, ( 8 – o )
ngabantah nu jadi indung, ( 8 – u )
sieun dibendon ku Gusti, ( 8 – i )
kawas Dalem Boncel tea, ( 8 – a )
doraka ti ibu-rama. ( 8 – a )
Barudak mangka ngalarti ( 8 – i )
Ulah rek kadalon-dalon ( 8 – o )
Enggon-enggon nungtut elmu ( 8 – u )
Mangka getol mangka tigin ( 8 – i )
Pibekeleun sarerea ( 8 – a )
Modal bakti ka nagara ( 8 – a )

0 comments:

Post a Comment