Saturday, November 2, 2013

WANGUN KECAP

wangun kecap dina basa Sunda bisa dititena di handap
Kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém dasar bébas, anus ok disebut leksem salancar, tanpaparobahan nanaon.
Kecap rundayan nya éta kecapanu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarngkén (afiks) kana wangun dasarna. Aya rarangkén hareup (infiks), tengah (konfiks), tukang (sufiks), barung (konfiks),  sarta bareng (ambiks). Sangkan leuwih écés , bisa ditingali dina table ieu di handaP

RARANGKEN
RARANGKEN
Awalan
seselan
ahiran
barungan
Gabungan
Ba- (balayar)di- (diajar)ka- (katincak)ti- (titajong) N- (ngagambar)
Pa- (patani)
Pang- (pangalus)
Per- (pertanda)
Pi- (pidamel)
Sa- (sakilo)
Sang- (sanghareup
Ti- (titajong)
Ting- (tinggorowok)
-ar- (aralus)-in- (sinareng)-um- (sumujud) -an (kuburan)-eun (cicingeun)-keun  (alungkeun)-na (bajuna) -(n)ing (bakating) Ka—an (kakurangan)Kapi- (kapiadi)Pa–an (pasawahan)Pang- – na (pangkasepna) Pang—keun  (pangmawakeun)
Pi- -eun (picontoeun)
Pika- (pikanyaah)
Pika- – eun (pikaresepeun)
Sa- – eun (sahandapeun)
Sa- – na (sawangsulna)

Kecap rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna sabagian atawa sagemblengna, boh binarung robahna sora jeung rarangkén atawa henteu.
 
Conto:
-          Dwimurni: méja-méja, korsi-korsi, buku-buku.
-          Dwiréka: tujang-tajong, tunggal-teunggeul, puak-paok.
-          Trilingga: dar-dér-dor, tat-tit-tut.
-          Dwipurwa: sasapu, kokoréd, bebedil.
-          Dwimadya: sababara urang
Dirarangkénan; dialung-alung, babalédogan.

Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar boh cakal boh kecap, sarta ngandung harti mandiri. Aya dua kecap kantétan, nya éta: rakitan dalit jeung rakitan anggang. contona: gede hulu, pananpoe, kaca soca, seuri koneng, jsb.
Kecap wancahan nya éta kecap anu diwangun ku cara mondokkeun kecap atawa kantétan kecap. contona: SMA, SD, dekah, cekeng, kirata, jsb.

0 comments:

Post a Comment