Thursday, October 1, 2015

Bahasa Sunda: Kecap Rajékan

a. Kecap Rajékan Dwipurwa

Kecap rajékan dwipurwa nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna (dwi = dua, purwa = mimiti).

Guna jeung hartina, di antarana:

(1) “Pa Kohar téh kokolot di Situbatu.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu dianggap …’.

Conto séjéna: sesepuhpupuhupapayung.

(2) “Mang Karsim keur meunang papait.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu boga sipat …’.

Conto séjéna: mamanis, kokotor.

(3) “Bu Euis téh bade ngagaleuh sosoca.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu boga sipat saperti …’.

Conto séjéna: mamata, babatok, bubuntut, jajantung.

(4) “Kamar téh kudu make pipinding deui.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu dipaké …’.

Conto séjéna: cocolok, cacantél, susuguh, papaés.

(5) “Tungtungna mah Pa Hamid ogé ukur biasgogodeg.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘sababaraha kali/lila …’.

Conto séjéna: tatajong, babagi, teuteunggeul.

(6) “Balikna mah Néng Rina téh teu bébéja heula.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘méré/nepikeun …’.

Conto séjéna: wawartos, paparéntah, cacarita.

b. Kecap Rajékan Dwimadya

Kecap rajékan dwimadya (dwi = dua, madya = tengah) nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang di tengah-tengah wangun dasarna.

Guna jeung hartina:

“Geus sababaraha kali manéhna datang ka dieu.”

Ngarajék dwimadya gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina ‘mindeng/loba …’.

c. Kecap Rajékan Dwimurni

Kecap rajékan dwimurni (dwi = dua, murni = asli, tulén) nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna.

Guna jeung hartina:

(1) “Buku-buku ngabayak di kamarna.”

Ngarajék dwimurni di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘loba/rupa-rupa …’.

Conto séjéna: guru-guru, jalma-jalma, gunung-gunung.

(2) “Pa Oding keur nyieun kaca-kaca.”

Ngarajék dwimurni di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘boga sipat saperti …’.

Conto séjéna: kuda-kuda.

(3) “Bieu aya aki-aki nanyakeun Téh Enung.”

Ngarajék dwimurni di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘rupana saperti …’.

Conto séjéna: nini-nini

(Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk. - Galura Basa Sunda, Pustaka Setia)