Saturday, November 2, 2013

WANGUN KECAP

wangun kecap dina basa Sunda bisa dititena di handap
Kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém dasar bébas, anus ok disebut leksem salancar, tanpaparobahan nanaon.
Kecap rundayan nya éta kecapanu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarngkén (afiks) kana wangun dasarna. Aya rarangkén hareup (infiks), tengah (konfiks), tukang (sufiks), barung (konfiks),  sarta bareng (ambiks). Sangkan leuwih écés , bisa ditingali dina table ieu di handaP

RARANGKEN
RARANGKEN
Awalan
seselan
ahiran
barungan
Gabungan
Ba- (balayar)di- (diajar)ka- (katincak)ti- (titajong) N- (ngagambar)
Pa- (patani)
Pang- (pangalus)
Per- (pertanda)
Pi- (pidamel)
Sa- (sakilo)
Sang- (sanghareup
Ti- (titajong)
Ting- (tinggorowok)
-ar- (aralus)-in- (sinareng)-um- (sumujud) -an (kuburan)-eun (cicingeun)-keun  (alungkeun)-na (bajuna) -(n)ing (bakating) Ka—an (kakurangan)Kapi- (kapiadi)Pa–an (pasawahan)Pang- – na (pangkasepna) Pang—keun  (pangmawakeun)
Pi- -eun (picontoeun)
Pika- (pikanyaah)
Pika- – eun (pikaresepeun)
Sa- – eun (sahandapeun)
Sa- – na (sawangsulna)

Kecap rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna sabagian atawa sagemblengna, boh binarung robahna sora jeung rarangkén atawa henteu.
 
Conto:
-          Dwimurni: méja-méja, korsi-korsi, buku-buku.
-          Dwiréka: tujang-tajong, tunggal-teunggeul, puak-paok.
-          Trilingga: dar-dér-dor, tat-tit-tut.
-          Dwipurwa: sasapu, kokoréd, bebedil.
-          Dwimadya: sababara urang
Dirarangkénan; dialung-alung, babalédogan.

Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar boh cakal boh kecap, sarta ngandung harti mandiri. Aya dua kecap kantétan, nya éta: rakitan dalit jeung rakitan anggang. contona: gede hulu, pananpoe, kaca soca, seuri koneng, jsb.
Kecap wancahan nya éta kecap anu diwangun ku cara mondokkeun kecap atawa kantétan kecap. contona: SMA, SD, dekah, cekeng, kirata, jsb.

Sisipan -ar-

Sisipan -ar- dalam bahasa Sunda bermakna banyak
contoh:
budak : barudak
teuleum: tareuleum
budak teuleum
barudak tareuleum
Sisipan -ar-  memiliki empat ketentuan
1. diletakkan setelah konsonan pertama pada kata berikut:
teuleum, nangtung, nulis, beureum, diuk, hitut, ngomong dan sebagainya
2. berubah menjadi al pada kata dasar yang berawalan l seperti pada kata berikut:
labuh menjadi lalabuh
leumpang menjadi laleumpang
luncat menjadi laluncat
3. berubah menjadi al pada kata dasar yang memiliki pola -a-a-r seperti
dahar dan mayar menjadi dalahar dan malayar
4. diletakkan pada kata dasar yang dimulai dengan huruf vokal seperti
asup, indit, menjadi arasup, arindit
bandingkan dengan -s- pada bahasa Inggris yang menunjukkan jamak juga
one book  – two books
one glass – ten glassess
one panty – five pantyes

Perkenalan dalam bahasa Sunda

PERKENALAN
Memperkenalkan Diri :
Assalamualaikum Warahamatullahi Wabarakatuh
Abdi wasta pun Tisa Zulkamal.
Abdi lahir di sukabumi, kaping 13 Juli 1997.
Abdi kawit ti SD Pamuruyan I.
Pun biang namina Enih.
Pun Bapak namina Sayuti.
Abdi gaduh raka tilu, gaduh adi hiji.
Pun adi wastana desi sumartini.
Sakolana kelas 4 SD di SD Pamuruyan I.
Padumukan abdi di Jl. Madrasah I. No. 92, RT 01, RW 03, Warnajati – Cibadak. Sukabumi.
Sakitu ti abdi, hatur nuhun.
Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Sekarang ucapkan dengan benar seperti yang dicontohkan!
Mengenal Anggota Tubuh!
Rambut
Panon/soca
Irung/pangambung
Baham
Cepil
Beuheung/tenggek
Punduk
Tonggong
Leungeun/panangan
Ramo
Dada
Beuteung/patuangan
Pingping
Bitis
Suku
Keuneung
Tuur
Kerjakan tugas berikut di rumah:
  1. Carilah kata halus dari bagian tubuh manusia di atas!
  2. Carilah nama-nama  untuk bagian wajah manusia!
  3. Carilah nama-nama untuk bagian tubuh manusia !
Untuk mempermudah pekerjaan kalian gunakan kamus. Kalian
Juga dapat menggunakan kamus bahasa sunda online di alamat: www.kamusbahasasunda.com
Mengenal nama angka dan bilangan dalam bahasa Sunda.
1                     : hiji                                                11           : sabelas
2                     : dua                                              12           : duabelas
3                     : tilu                                               13           : tilubelas
4                     : opat                                            20           : dua puluh
5                     : lima                                             21           : dua puluh hiji
6                     : genep                                         22           : dua puluh dua
7                     : tujuh                                           35           : tilu puluh lima
8                     : dalapan                      201         : dua ratus hiji
9                     : salapan                      2011       : dua rebu sabelas
10                 : sapuluh                      1000000 : sajuta
Tuliskan angka-angka berikut dalam bahasa Sunda!
23
16
101
821
900
209
1001
4090
7889
97
2899

TEMBANG/KAWIH SUNDA

Tembang atau kawih dalam bahasa Sundsama seperti pop dalam dunia musik Indonesia. ini beberapa contoh tembang atau kawis sunda.
Maghrib
Tah sora bedug batur tanda geus maghrib
Geus nitah reureuh ulin Ttrus ka masjid
Beulah kulon hibar layung
ngajak muji ka Yang Agung
Bubuy Bulan
Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe di sasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
  • bubuy bulan sangrai bintang
  • matahari matahari disate
  • setiap bulan setiap bulan saya jemput
  • setiap hari setiap hari juga baik
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali Ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
  • situ ciburuy ikannya susah dipancing
  • menggetarkan hati melihat luas airnya
  • duh itu siapa yang lewat tiap pagi
  • menggetarkan hati melihat sorot matanya
Peuyeum Bandung
Dimana mana di kampung di kota
Tos kakoncara ku nikmat rasana
Sampeu asalna teu direka-reka
Naon namina duh matak kabita
  • dimana-mana di kampung dan di kota
  • sudah terkenal oleh nikmat rasanya
  • sampeu asalna teu direka-reka
  • apa namanya duh membuat tergoda
Peuyeum bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
  • peuyeum bandung terkenal
  • harganya tidak tinggi
  • oleh semua terjangkau
  • orang tua dan anak-anak
Mangga cobian bilih panasaran                                                                                                Peuyeum ti bandung henteu sambarangan
  • silakan dicoba jikalau penasaran
  • peuyeum dari bandung tidak sembarangan
  • Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun janjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
  • terbang tinggi di angkasa
  • mengepakan sayapnya tanpa rasa takut
  • kukunya ranggaos dan pamatuknya ngeluk
  • mengintari mega terbangnya sangat cepat
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gadang jeung partentang taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna
  • Siapa yang bisa menyusul terhadap keberadaanya
  • Keberadaannya tiada bandingannya
  • Ditakuti disegani oleh sesama
  • tidak ada ketakutan keberaniannya sangat besar
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
  • Manuk dadali burung paling kuat
  • lambang sakti Indonesia jaya
  • Manuk dadali paling terkenal
  • Suka persatuan dan kerukunan untuk semuanya
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia
  • Hidup bersama tidak ada rasa iri
  • saling menyayangi tidak takut mati
  • manuk dadali lambang ksatria
  • untuk sukmanya bangsa di negara Indonesia

PUPUH SUNDA

Pupuh ( Sunda: Pepeuh ) adalah bentuk puisi tradisional bahasa Sunda yang memiliki jumlah suku kata dan rima tertentu di setiap barisnya. Terdapat 17 jenis pupuh, masing-masing memiliki sifat tersendiri dan digunakan untuk tema cerita yang berbeda.
1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
     Asmarandana, bertemakan cinta kasih, birahi
2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
Balakbak, bertemakan lawak, banyolan
3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
Dangdanggula, bertemakan ketentraman, keagungan, kegembiraan
4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget.
Durma, bertemakan kemarahan, kesombongan, semangat
5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
Gambuh, bertemakan kesedihan, kesusahan, kesakitan
6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
Gurisa, bertemakan khayalan
7. Juru Demung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
Jurudemung, bertemakan kebingungan
8. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
Ladrang, bertemakan sindiran
9. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
Lambang, bertemakan lawak dengan aspek renungan
10. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
Magatru, bertemakan penyesalan
11. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari genes hate.
Maskumambang, bertemakan kesedihan yang mendalam
12. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
Mijil, bertemakan kesedihan yang menimbulkan harapan
13. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
Pangkur, bertemakan perasaan sebelum mengemban sebuah tugas berat
14. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
Pucung, bertemakan rasa marah pada diri sendiri
15. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.
Wirangrong, bertemakan rasa malu akan tingkah laku sendiri
16. Kinanti, ngagambarkeun: miharep atawa prihatin.
Kinanti, bertemakan penantian
17. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
Sinom, bertemakan kegembiraan

Contoh – contoh Pupuh

1. Asmarandana

Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
1 Pada := 7 padalisan.
Eling eling mangka eling (8 – i) ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-
mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i
)
rumingkang di bumi alam( 8 – a )
darma wawayangan bae ( 8 – e )
raga taya pangawasa ( 8 – a )
lamun kasasar lampah ( 7 – a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )
badan anu katempuhan ( 8 – a )

2. Balakbak

Watek: pikaseurieun.
1 pada := 3 padalisan.
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

3. Dangdanggula

Watek  : ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan               1 pada = 10 padalisan
Mega beureum surupna geus burit ( 10 – i )
Ngalanglayung panas pipikiran ( 10 – a )
Cikur jangkung jahe koneng ( 8 – e )
Naha teu palay tepung ( 8 -  u)
Sim abdi mah ngabeunying leutik ( 9 – i )
Ari ras cimataan ( 7 – a )
Gedong tengah laut ( 6 – u)
Ulah kapalang nya bela ( 8 – a )
Paripaos gunting pameulahan gambir ( 12 – 1 )
Kacipta salamina ( 7 – a )

4. Durma

Watek  : rasa ambek, gede hate, atawa sumanget
1 pada = 7  padalisan
Moal ngejat sanajan ukur satapak ( 12 – a )
Geus dipasti ku jangji ( 7 – 1 )
Mun tacan laksana ( 6 – a )
Numpes musuh sarakah ( 7 – a )
Heunteu niat seja balik ( 8 – i )
Najan palastra ( 5 – a )
Mati di medan jurit ( 7 – i )

5. Gambuh

Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku.
1 Pada := 5 padalisan.
Ngahuleng banget bingung ( 7 – u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 – u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 – i )
panon poe geus rek surup ( 8 – u )
keueung sieun aya meong ( 8 – o )
Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong

6. Gurisa

Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
1 Pada := 8 Padalisan.
Hayang teuing geura beurang ( 8 – a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a )
nagih anu boga hutang (8 – a )
mun meunang rek meuli soang ( 8 – a )
tapi najan henteu meunang ( 8 – a )
teu rek buru buru mulang ( 8 – a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 – a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a)

7. Juru Demung

Watek  : bingung, susah ku pilakueun                                                                                         1 pada =   padalisan
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

8. Kinanti

Watekna: miharep atawa prihatin.
1 Pada := 6 Padalisan
Budak leutik bisa ngapung ( 8 – u )
Babaku ngapungna peuting ( 8 – i )
Nguriling kakalayangan ( 8 – a )
Neangan nu amis-amis ( 8 – i )
Sarupaning bungbuahan ( 8 – a )
Naon bae nu kapanggih ( 8 – i )

9. Ladrang

Watek  : resep banyol bari nyindiran                                                                                           1 pada = 4 padalisan
Aya hiji rupa sato leutik ( 10 – i )
Engkang-engkang, ( 4 – a )
Sok luluncatan di cai ( 8 – i )
Ari bangun arek sarupa jeung lancah ( 12 – a )
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.

10. Lambang

Watek: banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 – a )
atuh teu payu dijual ( 8 – a )
rek didahar da teu halal ( 8 – a )

11. Magatru

Watek  : sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.                                                    1 pada =  4 padalisan
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung ( 12 – u )
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung ( 16 – u )
Rajamandala, Cimahi ( 8 – 1 )
Leles, Limbangan, Tarogong ( 8 – o )

12. Maskumambang

Watek  : kanalangsaan, sedih bari genes hate.                                                                             1 pada = 4 padalisan
Duh manusa mana kaniaya teuing ( 12 – i )
teu aya rasrasan ( 6 – a )
abong ka mahluk nu laip ( 8 – 1 )
nyiksa henteu jeung aturan (8 – a )
Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana
Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisaan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula
Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean
Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi
moal bisa panjang
abdi ningal bumi langit
rek mulang ka kalanggengan, jst

13. Mijil

Watek  : kasedih tapi bari gede harepan                                                                                      1 pada =   6 padalisan
Mesat ngapung putra Sang Arimbi ( 10 – i )
Jeung mega geus awor ( 6 – o )
Beuki lila beuki luhur bae ( 10 – e )
Larak-lirik ninggali ka bumi ( 10 – i )
Milari sang rai ( 6 – i )
Pangeran Bimanyu ( 6 – u )

14. Pangkur

Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan.
Seja nyaba ngalalana ( 8 – a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u )
balik paman sadaya ( 7 – a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a )
“Aing ngaran Jayapati”( 8 – i )

15. Pucung

Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 – u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a )
tanda yen bagjana gede ( 8 – e )
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a )
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas
luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna

16. Sinom

Watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.
Di wetan fajar balebat ( 8 – a )
panon poe arek bijil ( 8 – i )
sinarna ruhay burahay ( 8 – a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )
campur wungu saeutik ( 7 – i )
kaselapan semu biru ( 8 – u )
tanda Batara Surya ( 7 – a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )

17. Wirangrong

Watek  : kawiwirangan, era ku polah sorangan                                                                      Unggal pada diwangun ku genep padalisan
Kuring moal deui-deui, ( 8 – i )
gaduh panata nu awon, ( 8 – o )
ngabantah nu jadi indung, ( 8 – u )
sieun dibendon ku Gusti, ( 8 – i )
kawas Dalem Boncel tea, ( 8 – a )
doraka ti ibu-rama. ( 8 – a )
Barudak mangka ngalarti ( 8 – i )
Ulah rek kadalon-dalon ( 8 – o )
Enggon-enggon nungtut elmu ( 8 – u )
Mangka getol mangka tigin ( 8 – i )
Pibekeleun sarerea ( 8 – a )
Modal bakti ka nagara ( 8 – a )

KECAP RUNDAYAN (KATA BERIMBUHAN) RARANGKEN TENGAH (SISIPAN) –AR-/-AL-, -IN, -UM

Dalam bahasa Sunda sisipan ada tiga yaitu –ar-/-al-, -in, -um. Masing-masing akan dijelaskan di bawah ini:
1. Rarangken tengah –ar-/-al-, tidak merubah fungsi kata dasarnya dan memiliki arti banyak
Contona: bared + ar = barared (banyak barednya)
Budak + ar= barudak
Lumpat + al = lalumpat
Leuleus + al = laleuleus
Teuleum + ar = tareulem
Cicing + ar   = caricing
Haseum + ar = haraseum

Catatan:
1. Rarangken –ar- akan pindah ke depan bila bertemundengan kata dasar berawalan vokal
Contona: ulin + ar = arulin
Amis + ar = aramis
2. Rarangken –ar- menjadi –al- bila kata dasarnya berawalan l

2. Rarangken tengah  (sisipan) –in-, fungsinya membentuk:
1. Kecap sifat anu ngandung harti ngabogaan sifat sarua jeung kecap asalna.
Contona: punjul + in = pinunjul
Satria  + in  = sinatria
2. Kecap pagawean nu ngandung harti sarua jeung kecap asalna.
Contona: tulis + in = tinulis
Ganjar + in = ginanjar
3. Kecap pagawean anu ngandung harti kabeneran (kebetulan).
Contona: pareng + in = pinareng
Panggih + in = pinanggih
4. Ngantebkeun atawa mamanis basa (pemanis bahasa)
Contona: pasti + in = pinasti
Tangtos + in = tinangtos

3. Rarangken tengah –um-
Rarangken tengah –um-, fungsinya membentuk:
1. Kecap sifat nu ngandung harti:
a. Niru-niru
Conto: gede + um = gumede
Geulis + um = gumasep
b. Keur mejeuhna
Contona: gading + um = gumading
Haseum + um = gumaseum
2. Kecap pagawean  nu ngandung harti lila
Contona: seblak + um = sumeblak
Jegur + um  = jumegur
3. Ngantebkeun atawa mamanis basa
Contona: seja + um = sumeja
Sujud + um = sumujud
Catatan:
  1. Rarangken –um- akan pindahan ke depan bila bertemu dengan kata berawalan vokal.
Contona : amis + um = umamis
Aing + um = gumaing2
2. Menjadi g bila bertemu dengan kata berawalan k
Contona: kasep + um = gumasep

KECAP RUNDAYAN (KATA BERIMBUHAN) RARANGKEN HAREUP SILIH -, PADA-, TING-//PATING

RARANGKEN HAREUP SILIH -, PADA-, TING-//PATING
Dalam bahasa Sunda seperti halnya dalam bahasa Indonesia imbuhan (rarangken). Imbuhan dalam bahasa Sunda, yaitu:
  1.  awalan (rarangken hareup),
  2. sisipan (rarangken tengah),
  3.  akhiran (rarangken tukang),
  4. gabungan imbuhan
Rarangken hareup silih-, pada-, jeung ting-/pating-, memiliki arti:
  1. Rarangken hareup silih-, ngabogaan harti pabales-bales.
Conto: silh asih, silihpercaya, silihandekeun
  1. Rarangken hareup pada-, ngabogaan harti:
    1. Sarua. Conto: padapinter, padabeunghar
    2. Nu ngalakukeun leuwih ti saurang, conto: padangajugjug, padasarurak
    3. Rarangken hareup ting-/pating-, ngabogaan harti:
Conto: patingsaruit, patingberebet, tinggelehe, tinggejebur.
Conto dina kalimah:
  1. Kudu silihasih ka sasama.
Harus saling mengasihi ke sesama.
2. Dina ngajalankeun pamarentahan masing silihpercaya, tapi lain         silihandelkeun.
Dalam menjalankan pemerintahan harus saling percaya, bukan saling mengandalkan.
3. Ti dinya bring marangkat padangajugjug ka Cihampelas.
Dari situ semua berangkat menuju ke Cihampelas.
4. Satuntasna Kapala Sakola biantara, ger padasarusak bari patingsaruit jeung tinggorowok tandaning gumbira ati.
Setelah selesai kepala sekolah pidato, semua tepuk tangan sambil bersuit dan berteriak tandanya bergembira.
RARANGKEN HAREUP NASAL (N)
Rarangken nasal (N) yaitu rarangken hareup nasal yang merubah atau menambah suara bagian awal dengan suara nasal. Rarangken nasal (N) dalam penggunaannya dapat berubah menjadi m, n, ny, ng, nga.
Contona:
m   -à baca jadi maca, bawa jadi mawa
n   -à tulis jadi nulis, tingali jadi ningali
ng -à cium jadi nyium, sobat jadi nyobat
ng -à kaler jadi ngaler, kidul jadi ngidul, adu jadi, ngadu
nge -à las jadi ngelas, bor jadi ngebor, tik jadi ngetik
nga -à leos jadi ngaleos, reret jadi ngareret
Arti awalan nasal (N) sama dengan arti awalan me- dalam bahasa Indonesia. Yaitu menunjukkan kata kerja.
conto dina kalimah:
1. Ret deui ret deui abdi ningali ka tukang.
Beberapa kali saya melihat ke belakang.
2. Samemeh angkat abdi nyium panangan bapa.
Sebelum berangkat saya mencium tangan bapak.
3. Ngobrol teh ngaler ngidul, dugika waktos teu karaos parantos sonten.
Mengobrol teh ke timur ke selatan, sampat tidak berasa sudah sore.
4. Abdi kamari rengse maca novel Negeri Lima Menara.
Saya kemaris selesai membaca novel Negeri Lima Menara.
5. Rengse ngetik tugas abdi meresan buku kanggo sakola enjing.
Selesai mengetik tugasa saya memberesi buku untuk sekolah besok.