Saturday, November 21, 2015

Latihan 5

 PUPUH MASKUMAMBANG

Itu kusir bangun ambek2 teuing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tali
Teu aya pisan ras-rasan


1.Tulis guruwilangan jeung gurulagu Pupuh Maskumambangl di luhur!
2.Parafraseukeun (caritakeun deui ku basa sorangan) Pupuh Maskumambang di luhur!
3.Jieun kecap rajekan dwipurwa tina kecap :
a.cabok        b. tanya
4.Jieun kalimah tina kecap rajekan di luhur ! (nomer 3)
5.Lengkepan wawangsalan di handap !
Gambar hirup jero kaca
………………………………….
Wangsalna : televisi

………………………………..
Aduh kacida pinterna
Wangsalna  : komputer

Latihan 4

Wacana IV

ASMARANDANA

Mun urang nyiar pangarti
terus sakola ka kota
sing jadi murid rancagé
bener pinter bari sehat
mikahéman sasama
asih ka nu jadi guru
gaganti ema jeung bapa

Wacana di luhur mangrupa conto…
A.wawacan        B.  guguritan        C.  sawér        D.  kawih

Dina ungkara di luhur aya kecap “rancagé”, kecap rancagé ngandung hati…
A.parigel/sagala        B.  daékan        C.  repokan        D.  pinter

Eusi guguritan di luhur nyaritakeun…
Budak nu keur nyiar pangarti di kota
Budak nu mikahéman ka guru minangka gaganti indung bapana
Mun keur nyiar pangarti kudu jadi murid nu rancagé, nyaah ka guru minangka gaganti indung jeung bapa
Budak anu sakola di kota tur héman ka sasama.

Watek tina pupuh Asmarandana di luhur nya éta…
A.gumbira        B.  sedih        C.  kanyaah        D.  lumampah

Guru wilangan jeung guru lagu tina pupuh di luhur nya éta…
(8-i) (8-a) (8-é) (8-a) (7-a) (8-u) (8-a)        C.  (8-i) (8-a) (8-é) (8-a, 8-a, 8-o, 8-a
(8-i) (8-u) (8-é) (8-a) (8-a) (8-u) (8-a)        D.  8-a, 8a, 8é, 8a, 7a, 8u, 8a

Pupuh Asmarandana di luhur dina sapadana diwangun ku… padalisan.
A.5            B.  6            C.  7            D.  8

Nu lain mangrupa ciri guguritan nya éta…
A.basana ugeran                    C.  diwangun ku patokan pupuh
B.macana ditembangkeun                D.  patokanana solmisasi

  Nu kaasup kana Pupuh Sekar Ageung nya ẻta ………
A.Asmarandana, Kinanti                C.  Maskumambang, Mijil
B.Balakbak, Pucung                D.  Ladrang, Durma

Latihan Soal 3

WACANA III
BANDUNG

Sapatu buatan Cibaduyut Bandung boga kasempetan anu kacida gedéna pikeun diékspor. Komo deui dina nyanghareupan pasar bébas ASEAN taun 2015 engké. Salah sahiji sababna, lantaran sapatu Cibaduyut ayeuna henteu éléh ku sapatu buatan Cina, anu kiwari keur ceuyah dimana-mana kitu ceuk ketua bidang usaha mikro kecil, dan menengah (UMKM) Asosiasi Persatuan Sepatu Indonesia (Aprisindo), Betty Brusel, di unit pelaksana teknis (UPT) sepatu Cibaduyut, sawatara waktu kaliwat.

“Urang teu bisa ngabandingkeun sapatu buatan Cina jeung sapatu buatan Cibaduyu. Kacida pisan bedana. Dina bahana baé, contona wéh, sapatu cina dijieunna tina plastik, ari sapau Cibaduyut dijieunna tina kulit,”ceuk Betty deui.

Wacana di luhur mangrupa conto…
A.warta            B.  artikel        C.  pedaran        D.  bewara

Nu ngalantarankeun sapatu Cibaduyut boga kasempetan pikeun diékspor nya éta…
A.ayana usaha Mikro, kecil dan menengah    C.  ayana Asosiasi Persatuan Indonesia
B.ajénna henteu éléh ku buatan Cina        D.  hargana kawilang murah

Tina wacana di luhur aya kecap “ceuyah”. Kecap ceuyah mibanda harti…
A.saeutik            B.  alus            C.  loba            D.  bewara

Nurutkeun wacana nu ngabédakeun sapatu buatan Cina jeung Cibaduyut nya éta…
Sapatu    buatan Cina dijieunna tina bahan kulit   
Sapatu Cibaduyut dijieunna tina bahan plastik
Bahan dasar/baku nyieun sapatu
Sapatu Cibaduyut dijieunna tina bahan plastik
Sapatu Cibaduyut leuwih mahal tibatan buatan Cina

Dina wacana di luhur aya ungkara kalimah “Urang teu bisa ngabandingkeun sapatu buatan Cina jeung sapatu buatan Cibaduyut”. Ditilik tina wandana kalimah di luhur kaasup kana…
A.kalimah barang    B.  kalimah sifat                   C.  kalimah pagawéan         D.  kalimah bilangan

Nu kaasup kecap pagawéan tina soal no.5, nya éta…
A.Urang                        C.  sapatu               
B.teu bisa ngabandingkeun            D.  Cibaduyut
   
1.  Eta taman legana 4.200 m2, dipapaés ku rupaning patung anu ngagambarkeun pamaén musik
jeung tatabeuhan.
2.  Di téngah-téngah taman ngajegir arca hitar badag tina beusi anu jangkung 9 meter
3.  Aya nu ngahitar, niup saksopon, jsb
4.  Taman musik Centrum pernahna di jalan Balitung, kecamatan Sumur Bandung
   
Runtuyan kalimah anu merenah nepi ka jadi hiji paragraf anu gembleng nya éta…
A. 4, 1, 3, 2        B.  1, 2, 3, 4        C.  3, 2, 1, 4        D.  4, 2, 3, 1

Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nya éta kajadian…
A.anu dianggap penting pikeun urang        C.  anu dianggap penting pikeun pamingpin
B.anu dianggap penting pikeun kulawarga    D.  anu dianggap penting pikeun balaréa

Katerangan atawa béja ngeunaan hiji hal anu ditepikeun ka balaréa ngaliwatan media massa, boh cétak/ elektronik di sebut…
A.warta            B.  bẻwara        C.  atrikel        D.  paguneman

Nu kaasup kana kalimah barang nya ẻta …………
A.Pangrajin sapatu tẻh aya ratusna.         C. Murid kelas VIII tẻh balageur.
B.Bu Dewi angkat ka pasar.            D. Bapana tẻh pulisi di Cililin.

Murid kelas VIII keur dialajar.
Kalimah di luhur tẻh kaasup kana……..
A.kalimah barang                 C. kalimah pagawean
B.kalimah sipat                D. kalimah bilangan

Nu kaasup kana kalimah bilangan nya ẻta…….
A.Manehna boga motor dua.
B.Kelas VIII B tẻh aya opat puluh siswa
C.Kuring hudang jam lima subuh
D.Indonesia merdeka taun 1945

Latihan Soal 2

WACANA II

SISINDIRAN
Lamun hayang ulin beurang
Ulah maké kaos kutang
Lamun hayang hirup senang
Ulah daék loba hutang

Ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana…
A.  rarakitan piwuruk    B.  rarakitan sésébréd    C.  paprika piwuruk    D.  paparikah silih asih

Hayang teuing buah muris
Teu bisa ngarasakanana
Hayang teuing kanu geulis
………………………………..

Ungkara anu merenah pikeun ngalengkapan rarakitan di luhur nya éta…
A.Teu bisa ngalana                C.  Teu bisa ngakalanana
B.Ku hésé pisan ngalan                D.  Moal welwh diakalan

Nu kaasup conto paparikan sésébréd nya éta…

Mawa kuda ka Cibabat   
Mawa kaldé ka Cikadung
Mun urang jadi pejabat
Kahadé ulah adigung

Ngala térong jeung kalapa
Dibawa ka kebon cikur
Nu gondrong jaman ayeuna
Teu wawuh ka tukang cukur

Aya meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur

Boboko luhureun imah
Ninggang kan pileuiteun
Ari bogoh tong ka sémah
Lamun anggang sok leungiteun

Nu ngabédakeun antara rarakitan jeung paparikan nya éta…
A.dina sapada aya 4 padalisan            C.  ayana purwakanti   
B.aya cangkang jeung eusi            D.  aya kecap nu dibalikan deui di awal padalisan

Jampana bugang dadakan
Panasaran diri kuring
Wangsalna …………..

Wangsal tina wawangsalan di luhur nya éta…
A.Pasaran        B.  dongdang        C.  Jampana        D.  tanggungan
   
Dina soal no. 17 aya ungkara “Jampana bugang dadakan”
Anu lain sinonim tina kecap bugang nya éta…
A.Mayit            B.  Jasad        C.  arwah        D.  Layon

Teu beunang di hurang sawah
…………………………………….
Wangsalna simeut

Ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan wawangsalan di luhur nya éta…
A.teu beunang dipikanyaah            C.  teu beunang di pikamelang
B.teu beunang dipikawelas            D.  teu beunag dipikameumeut

……………………………….
samar bisa tepung deui
(wangsalna damar)

Ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan cangkang wawangsalan di luhur nya éta…
A.Mata poe nu mencrong                C.  Bentang baranang di imah
B.Bulan purnama sumirat                D.  Kingkilaban tengah peuting

Saladah ayang-ayangan
dipetikan hiji-hiji
Sanajan hayang-hanyangn
lain milih réngking hiji
Ungkara di luhur mangrupa conto…
 A.rarakitan        B.  paparikan        C.  wawangsalan    D.  papantunan   

Tina soal no. 22 aya conto kecap rajékan dwi murni nya éta…
A.ayang-ayangan        B.  dipetikan        C.  hiji-hiji        D.  hayang-hayangan

Nu teu kaasup kana kecap rajekan….
A.sasauran        B.  papatong        C.  sababaraha        D.  siswa-siswa

Conto kecap rajekan dwireka nya ẻta..…
A.Mabil-mobil                    C.  kuda-kuda
B.Pasantren-pasantren                D.  kucap-kiceup

Tuesday, November 17, 2015

Latihan Soal 1


Wacana I
Dimana-mana di kampung di kota
geus kakoncara ku nikmat rasana
sampeu asalna teu di réka-réka
naon namina ku matak kabita
Peuyeum Bandung kamasur
pangaosna teu luhur
ku sadaya kagaleuh
sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
bilih panasaran
peuyeum ti Bandung
henteu sambarangan

Wacana di luhur mangrupa conto tina…
A.tembang B.  kawih C.  kakawihan D.  sawér

Dina wacana di luhur aya kecap kakoncara, sinonim ieu kecap kakoncara nya éta…
A.kasohor B.  dipikawanoh C.  dipigandrung D.  dipikareueus

Eusi tina rumpaka di luhur nyaritakeun…
peuyeum Bandung nu kamasur
peuyeum Bandung dijieunna teu sambarangan
peuyeum bandung dipikaresep ku sepuh sareng murangkalih
peuyeum Bandung anu kamasur, rasana nikmat hargana murah

Peuyeum Bandung tẻh mangrupa kadaharan…..
A.Oleh-oleh ti Bandung C. kabeuki urang Bandung
B. Nu ngan aya di Bandung D. anu ngan dijual di Bandung

Peuyeum Bandung dijieunna tina …..
A,Ketan B. sampeu C. beas D. boled

Ngaran kadaharan nu sohor ti Bandung salian ti peuyeum Bandung nya ẻta ……….
A.Oncom, colenak B. ganas, taleus C. Dodol, galendo D. moci, taucho

Ngaran inuman has Sunda anu dijieunna tina daun camcauh nya ẻta…
A.Bandrek B. bajigur C. goyobod D. cingcaw

Kecap-kecap nu murwakanti aya dina pada……
A.Kahiji B. kadua C. katilu D. kahiji, kadua jeung katilu

Kecap “diréka-réka” tina ungkara di luhur kaasup kana kecap rajékan:
A.dwi murni C.  trilingga
B.dwiteka D.  dwi murni make rarangkén

Thursday, October 1, 2015

Bahasa Sunda: Kecap Rajékan

a. Kecap Rajékan Dwipurwa

Kecap rajékan dwipurwa nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna (dwi = dua, purwa = mimiti).

Guna jeung hartina, di antarana:

(1) “Pa Kohar téh kokolot di Situbatu.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu dianggap …’.

Conto séjéna: sesepuhpupuhupapayung.

(2) “Mang Karsim keur meunang papait.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu boga sipat …’.

Conto séjéna: mamanis, kokotor.

(3) “Bu Euis téh bade ngagaleuh sosoca.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu boga sipat saperti …’.

Conto séjéna: mamata, babatok, bubuntut, jajantung.

(4) “Kamar téh kudu make pipinding deui.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu dipaké …’.

Conto séjéna: cocolok, cacantél, susuguh, papaés.

(5) “Tungtungna mah Pa Hamid ogé ukur biasgogodeg.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘sababaraha kali/lila …’.

Conto séjéna: tatajong, babagi, teuteunggeul.

(6) “Balikna mah Néng Rina téh teu bébéja heula.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘méré/nepikeun …’.

Conto séjéna: wawartos, paparéntah, cacarita.

b. Kecap Rajékan Dwimadya

Kecap rajékan dwimadya (dwi = dua, madya = tengah) nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang di tengah-tengah wangun dasarna.

Guna jeung hartina:

“Geus sababaraha kali manéhna datang ka dieu.”

Ngarajék dwimadya gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina ‘mindeng/loba …’.

c. Kecap Rajékan Dwimurni

Kecap rajékan dwimurni (dwi = dua, murni = asli, tulén) nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna.

Guna jeung hartina:

(1) “Buku-buku ngabayak di kamarna.”

Ngarajék dwimurni di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘loba/rupa-rupa …’.

Conto séjéna: guru-guru, jalma-jalma, gunung-gunung.

(2) “Pa Oding keur nyieun kaca-kaca.”

Ngarajék dwimurni di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘boga sipat saperti …’.

Conto séjéna: kuda-kuda.

(3) “Bieu aya aki-aki nanyakeun Téh Enung.”

Ngarajék dwimurni di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘rupana saperti …’.

Conto séjéna: nini-nini

(Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk. - Galura Basa Sunda, Pustaka Setia) 

Sunday, February 22, 2015

Hal-hal anu diperhatikeun dina biantara

Hal-hal anu diperhatikeun dina biantara nyaéta:
  • Vokal/sora kudu bentes/jelas,
  • Lentong jeung wirahmana merenah
  • Kudu nyunda,
  • Henteu teugeug atawa dialeu-aleu teuing, teu gancang teuing jeung henteu acad teuing,
  • Kudu miboga pangaweruh anu jembar pangpangna nu patali jeung materi acara anu di MC-anna katut nu rek ngeusian eta acara boh jalma boh kasenian atawa lianna,
  • Kudu pinter ngareka basa anu orisinil, surti kana kahayang pamiarsa, kudu miboga sikep anu hade (tatakrama, paroman gerik-gerik lianna),
  • Mibanda rasa humor (sense of humor) nu luhur utamana dina acara-acara mu sipatna hiburan pikeun ngahirupkeun suasana.

Unsur-unsur Biantara

Unsur-unsur dina pidato nyaéta pembicara, bahan/materi pembicaraan, objek atawa pendengar, sarta téma. Katilu unsur kasebut silih mangaruhan hiji jeung anu séjén. Leungitna salah sahiji unsur kasebut di luhur, baris ngabalukarkeun ketimpangan dina pidato.

Carangka Susunan Biantara

Skema susunan hiji biantara anu alus:
  • Bubuka kalayan salam pembuka
  • Pendahuluan anu saeutik ngagambarkeun eusi
  • Eusi atawa materi biantara sacara sistematis: maksud, tujuan, sasaran, rencana, léngkah, jsb.
  • Panutup (kacindekan, harepan, talatah, salam panutup, jsb)

Persiapan Biantara

Saméméh méré biantara di hareup umum, aya alusna pikeun ngalakonan persiapan di handap ieu:
  • Wawasan pendengar biantara sacara umum
  • Nyaho lila wayah atawa durasi biantara anu baris dibawakan
  • Nyusun kecap-kecap anu gampang dipahaman sarta jelas
  • Nyaho jenis biantara sarta téma acara.
  • Nyiapkeun bahan-bahan sarta perlengkapan biantara, jsb.

Padika Biantara

Téknik atawa padika dina membawakan hiji pidatu di hareup umum:
  • Padika menghapal, nyaéta nyieun hiji rencana biantara tuluy ngapalkeunana kecap pér kecap.
  • Padika sarta merta, nyaéta membawakan biantara tanpa persiapan sarta ngan ngandelkeun pangalaman sarta wawasan. Biasana dina kaayaan darurat teu terduga loba ngagunakeun tehnik sarta merta.
  • Padika naskah, nyaéta pidato kalayan ngagunakeun naskah anu geus dijieun saméméhna sarta umumna dipaké dina biantara-biantara resmi.

Jenis-jenis / Macem-macem / Sipat-sipat Biantara

Dumasar dina sipat ti eusi biantara, biantara bisa dibédakeun jadi:
  • Biantara Bubuka, nyaéta biantara singget anu dibawakeun ku pamaca acara atawa mc.
  • Biantara pengarahan nyaéta pdato pikeun ngarahkeun dina hiji pasamoan.
  • Biantara Pangbagéa, nyaéta mangrupa biantara anu ditepikeun dina hiji acara kagiatan atawa kajadian nu tangtu anu bisa dipigawé ku sawatara urang jeung wayah anu kawates sacara gunta-ganti.
  • Biantara Peresmian, nyaéta biantara anu dipigawé ku jelema anu berpengaruh pikeun meresmikan hiji hal.
  • Biantara Laporan, nyaéta biantara anu eusina nyaéta ngalaporkeun hiji pancén atawa kagiatan.
  • Biantara Pertanggungjawaban, nyaéta biantara anu eusina hiji laporan pertanggungjawaban.

Tujuan Biantara

Biantara umumna ngalakonan hiji atawa sawatara hal di handap ieu:
  • Mangaruhan batur ambéh daék nuturkeun kahayang urang jeung resep rela.
  • Méré hiji pamahaman atawa informasi ka batur.
  • Nyieun batur gumbira jeung biantara anu ngahibur ku kituna batur gumbira sarta sugema jeung kedalan anu ku urang diungkaokeun.

BIANTARA

Biantara nyarita hareupeun balarea pikeun
nepikeun hiji perkara, sipatna monolgis, ukur
direspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon.

Tujuan Biantara
Informatif
Persuasif jeung Instruktif
Edukatif
Entertaint

Materi Biantara
1. Bubuka
2. Eusi
3. Bahasan
4. Kacindekan

Metode Biantara
Metode Impromtu
Metode Ngapalkeun (memoriter)
Metode Naskah (manuscrip)
Metode ekstemporan

GUNA BIANTARA
- Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud.
- Ngaronjatkeun ajen diri
- Ngarojong Leadership
- Jadi puseur paniten masarakat, dihormat jeung dihargaan.

WANDA BIANTARA
Ceramah
Pamapag/sambutan
Pedaran/bahasan hiji pasualan
Natar (up grading)
Laporan
Kampanyeu/propaganda

Tarekah Ngaronjatkeun Kamampuh Biantara
Diajar dina organisasi
Numuwuhkeun kawani tumanya
Ngaregepkeun ceramah ilmiah
Rea maca

TAHAPAN BIANTARA
A. PERSIAPAN
Nangtukeun tujuan jeung topik
Ngawasa materi nu rek ditepikeun
Mikanyaho audience
Mikaweruh situasi jeung kondisi
Nyiapkeun fisik jeung mental
B. TAHAP MIDANG
Muka omongan
Ngabiantarakeun eusi
Nutup biantara