WACANA II
SISINDIRAN
Lamun hayang ulin beurang
Ulah maké kaos kutang
Lamun hayang hirup senang
Ulah daék loba hutang
Ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana…
A. rarakitan piwuruk B. rarakitan sésébréd C. paprika piwuruk D. paparikah silih asih
Hayang teuing buah muris
Teu bisa ngarasakanana
Hayang teuing kanu geulis
………………………………..
Ungkara anu merenah pikeun ngalengkapan rarakitan di luhur nya éta…
A.Teu bisa ngalana C. Teu bisa ngakalanana
B.Ku hésé pisan ngalan D. Moal welwh diakalan
Nu kaasup conto paparikan sésébréd nya éta…
Mawa kuda ka Cibabat
Mawa kaldé ka Cikadung
Mun urang jadi pejabat
Kahadé ulah adigung
Ngala térong jeung kalapa
Dibawa ka kebon cikur
Nu gondrong jaman ayeuna
Teu wawuh ka tukang cukur
Aya meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
Boboko luhureun imah
Ninggang kan pileuiteun
Ari bogoh tong ka sémah
Lamun anggang sok leungiteun
Nu ngabédakeun antara rarakitan jeung paparikan nya éta…
A.dina sapada aya 4 padalisan C. ayana purwakanti
B.aya cangkang jeung eusi D. aya kecap nu dibalikan deui di awal padalisan
Jampana bugang dadakan
Panasaran diri kuring
Wangsalna …………..
Wangsal tina wawangsalan di luhur nya éta…
A.Pasaran B. dongdang C. Jampana D. tanggungan
Dina soal no. 17 aya ungkara “Jampana bugang dadakan”
Anu lain sinonim tina kecap bugang nya éta…
A.Mayit B. Jasad C. arwah D. Layon
Teu beunang di hurang sawah
…………………………………….
Wangsalna simeut
Ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan wawangsalan di luhur nya éta…
A.teu beunang dipikanyaah C. teu beunang di pikamelang
B.teu beunang dipikawelas D. teu beunag dipikameumeut
……………………………….
samar bisa tepung deui
(wangsalna damar)
Ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan cangkang wawangsalan di luhur nya éta…
A.Mata poe nu mencrong C. Bentang baranang di imah
B.Bulan purnama sumirat D. Kingkilaban tengah peuting
Saladah ayang-ayangan
dipetikan hiji-hiji
Sanajan hayang-hanyangn
lain milih réngking hiji
Ungkara di luhur mangrupa conto…
A.rarakitan B. paparikan C. wawangsalan D. papantunan
Tina soal no. 22 aya conto kecap rajékan dwi murni nya éta…
A.ayang-ayangan B. dipetikan C. hiji-hiji D. hayang-hayangan
Nu teu kaasup kana kecap rajekan….
A.sasauran B. papatong C. sababaraha D. siswa-siswa
Conto kecap rajekan dwireka nya ẻta..…
A.Mabil-mobil C. kuda-kuda
B.Pasantren-pasantren D. kucap-kiceup
Saturday, November 21, 2015
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
0 comments:
Post a Comment