Saturday, November 21, 2015

Latihan 4

Wacana IV

ASMARANDANA

Mun urang nyiar pangarti
terus sakola ka kota
sing jadi murid rancagé
bener pinter bari sehat
mikahéman sasama
asih ka nu jadi guru
gaganti ema jeung bapa

Wacana di luhur mangrupa conto…
A.wawacan        B.  guguritan        C.  sawér        D.  kawih

Dina ungkara di luhur aya kecap “rancagé”, kecap rancagé ngandung hati…
A.parigel/sagala        B.  daékan        C.  repokan        D.  pinter

Eusi guguritan di luhur nyaritakeun…
Budak nu keur nyiar pangarti di kota
Budak nu mikahéman ka guru minangka gaganti indung bapana
Mun keur nyiar pangarti kudu jadi murid nu rancagé, nyaah ka guru minangka gaganti indung jeung bapa
Budak anu sakola di kota tur héman ka sasama.

Watek tina pupuh Asmarandana di luhur nya éta…
A.gumbira        B.  sedih        C.  kanyaah        D.  lumampah

Guru wilangan jeung guru lagu tina pupuh di luhur nya éta…
(8-i) (8-a) (8-é) (8-a) (7-a) (8-u) (8-a)        C.  (8-i) (8-a) (8-é) (8-a, 8-a, 8-o, 8-a
(8-i) (8-u) (8-é) (8-a) (8-a) (8-u) (8-a)        D.  8-a, 8a, 8é, 8a, 7a, 8u, 8a

Pupuh Asmarandana di luhur dina sapadana diwangun ku… padalisan.
A.5            B.  6            C.  7            D.  8

Nu lain mangrupa ciri guguritan nya éta…
A.basana ugeran                    C.  diwangun ku patokan pupuh
B.macana ditembangkeun                D.  patokanana solmisasi

  Nu kaasup kana Pupuh Sekar Ageung nya ẻta ………
A.Asmarandana, Kinanti                C.  Maskumambang, Mijil
B.Balakbak, Pucung                D.  Ladrang, Durma

0 comments:

Post a Comment