Tuesday, November 17, 2015

Latihan Soal 1


Wacana I
Dimana-mana di kampung di kota
geus kakoncara ku nikmat rasana
sampeu asalna teu di réka-réka
naon namina ku matak kabita
Peuyeum Bandung kamasur
pangaosna teu luhur
ku sadaya kagaleuh
sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
bilih panasaran
peuyeum ti Bandung
henteu sambarangan

Wacana di luhur mangrupa conto tina…
A.tembang B.  kawih C.  kakawihan D.  sawér

Dina wacana di luhur aya kecap kakoncara, sinonim ieu kecap kakoncara nya éta…
A.kasohor B.  dipikawanoh C.  dipigandrung D.  dipikareueus

Eusi tina rumpaka di luhur nyaritakeun…
peuyeum Bandung nu kamasur
peuyeum Bandung dijieunna teu sambarangan
peuyeum bandung dipikaresep ku sepuh sareng murangkalih
peuyeum Bandung anu kamasur, rasana nikmat hargana murah

Peuyeum Bandung tẻh mangrupa kadaharan…..
A.Oleh-oleh ti Bandung C. kabeuki urang Bandung
B. Nu ngan aya di Bandung D. anu ngan dijual di Bandung

Peuyeum Bandung dijieunna tina …..
A,Ketan B. sampeu C. beas D. boled

Ngaran kadaharan nu sohor ti Bandung salian ti peuyeum Bandung nya ẻta ……….
A.Oncom, colenak B. ganas, taleus C. Dodol, galendo D. moci, taucho

Ngaran inuman has Sunda anu dijieunna tina daun camcauh nya ẻta…
A.Bandrek B. bajigur C. goyobod D. cingcaw

Kecap-kecap nu murwakanti aya dina pada……
A.Kahiji B. kadua C. katilu D. kahiji, kadua jeung katilu

Kecap “diréka-réka” tina ungkara di luhur kaasup kana kecap rajékan:
A.dwi murni C.  trilingga
B.dwiteka D.  dwi murni make rarangkén

0 comments:

Post a Comment