WACANA III
BANDUNG
Sapatu buatan Cibaduyut Bandung boga kasempetan anu kacida gedéna pikeun diékspor. Komo deui dina nyanghareupan pasar bébas ASEAN taun 2015 engké. Salah sahiji sababna, lantaran sapatu Cibaduyut ayeuna henteu éléh ku sapatu buatan Cina, anu kiwari keur ceuyah dimana-mana kitu ceuk ketua bidang usaha mikro kecil, dan menengah (UMKM) Asosiasi Persatuan Sepatu Indonesia (Aprisindo), Betty Brusel, di unit pelaksana teknis (UPT) sepatu Cibaduyut, sawatara waktu kaliwat.
“Urang teu bisa ngabandingkeun sapatu buatan Cina jeung sapatu buatan Cibaduyu. Kacida pisan bedana. Dina bahana baé, contona wéh, sapatu cina dijieunna tina plastik, ari sapau Cibaduyut dijieunna tina kulit,”ceuk Betty deui.
Wacana di luhur mangrupa conto…
A.warta B. artikel C. pedaran D. bewara
Nu ngalantarankeun sapatu Cibaduyut boga kasempetan pikeun diékspor nya éta…
A.ayana usaha Mikro, kecil dan menengah C. ayana Asosiasi Persatuan Indonesia
B.ajénna henteu éléh ku buatan Cina D. hargana kawilang murah
Tina wacana di luhur aya kecap “ceuyah”. Kecap ceuyah mibanda harti…
A.saeutik B. alus C. loba D. bewara
Nurutkeun wacana nu ngabédakeun sapatu buatan Cina jeung Cibaduyut nya éta…
Sapatu buatan Cina dijieunna tina bahan kulit
Sapatu Cibaduyut dijieunna tina bahan plastik
Bahan dasar/baku nyieun sapatu
Sapatu Cibaduyut dijieunna tina bahan plastik
Sapatu Cibaduyut leuwih mahal tibatan buatan Cina
Dina wacana di luhur aya ungkara kalimah “Urang teu bisa ngabandingkeun sapatu buatan Cina jeung sapatu buatan Cibaduyut”. Ditilik tina wandana kalimah di luhur kaasup kana…
A.kalimah barang B. kalimah sifat C. kalimah pagawéan D. kalimah bilangan
Nu kaasup kecap pagawéan tina soal no.5, nya éta…
A.Urang C. sapatu
B.teu bisa ngabandingkeun D. Cibaduyut
1. Eta taman legana 4.200 m2, dipapaés ku rupaning patung anu ngagambarkeun pamaén musik
jeung tatabeuhan.
2. Di téngah-téngah taman ngajegir arca hitar badag tina beusi anu jangkung 9 meter
3. Aya nu ngahitar, niup saksopon, jsb
4. Taman musik Centrum pernahna di jalan Balitung, kecamatan Sumur Bandung
Runtuyan kalimah anu merenah nepi ka jadi hiji paragraf anu gembleng nya éta…
A. 4, 1, 3, 2 B. 1, 2, 3, 4 C. 3, 2, 1, 4 D. 4, 2, 3, 1
Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nya éta kajadian…
A.anu dianggap penting pikeun urang C. anu dianggap penting pikeun pamingpin
B.anu dianggap penting pikeun kulawarga D. anu dianggap penting pikeun balaréa
Katerangan atawa béja ngeunaan hiji hal anu ditepikeun ka balaréa ngaliwatan media massa, boh cétak/ elektronik di sebut…
A.warta B. bẻwara C. atrikel D. paguneman
Nu kaasup kana kalimah barang nya ẻta …………
A.Pangrajin sapatu tẻh aya ratusna. C. Murid kelas VIII tẻh balageur.
B.Bu Dewi angkat ka pasar. D. Bapana tẻh pulisi di Cililin.
Murid kelas VIII keur dialajar.
Kalimah di luhur tẻh kaasup kana……..
A.kalimah barang C. kalimah pagawean
B.kalimah sipat D. kalimah bilangan
Nu kaasup kana kalimah bilangan nya ẻta…….
A.Manehna boga motor dua.
B.Kelas VIII B tẻh aya opat puluh siswa
C.Kuring hudang jam lima subuh
D.Indonesia merdeka taun 1945